Cari Blog Ini

JURNAL

JURNALHARIAN

cerita

Setiap Orang Punya Cerita

Catat

Catat apa yang kau pikirkan

Berbagi

Bagikan Pada Dunia.

Menulislah

Ikatlah ilmu dengan menulisnya

Tampilkan postingan dengan label Dongeng. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Dongeng. Tampilkan semua postingan

Selasa, 13 Agustus 2013

Sikabayan Jadi Menak



Di lembur Si Kabayan, mun aya menak sok kacida di hormat-hormatna. Si Kabayan Kabitaeun hayang aya anu ngahomat. Tuluy api-api jadi menak datang ka Mitohana. Bajuna Setelan Bodas di dasi Jeung make kaca mata Hideung. Kabeh oge meunang nginjeum ti Baturna anu ngumbara di Kota.

Atuh puguh we Mitoha SI Kabayan teh mani dag-dag,deg-deg da kasumpingan menak.

“Amparkeun samak di tepas. Lauk ala, hayam Peuncit urang nuangkeun ,”kitu ceuk mitoha Si Kabayan ka Pamajikannana.”

Teu Wudu  SiKabayan poe eta mah kacemekan, dahar jeung pais lauk jeung goreng hayam. Jaba Lalawuh sejenna: Opak, ranginang jeung tangtang angin.

Ari Lila-lila Kanyahoan ku mitohana teh, yen menak teh Sikabayan. Teu kira we keheuleunnana.

“Keun Siah, di bales ku Aing.” Kitu Pikir mitohana teh.

Dina hiji poe, Si kabayan oge kasumpingan menak ti Kota. Tapi SiKabayan apaleun yen eta teh mitohana.

“Iteung, gancang ngampar samak di tepas, ala lauk, peuncit Hayam,” ceuk Si kabayan Ka pamajikannana.

“Lauk ti mana Horeng,” Tembal pamajikannana. “Hayam teu bulu-buluna acan.”

“Lain di pipir, aya domba Bapa maneh? Sok bae peuncit. Moal nanaon, da keur nyuguhan menak ieuh.”
Mitoha Si kabayan kacida reuwasna, gancang ngalaan dasina bari ngagorowok, “Ulah Kabayan lalawora, eta teh domba adu!”

Sikabayan nyenghel,nyeungseurikeun Mitohana.

(Di cutat tina Buku Jurig Kabayan Karya Tini Kartini Penerbit Rahmat Cijulang 1988)


Jumat, 09 Agustus 2013

JURIG KABAYAN

http://droppedbox.files.wordpress.com
Mitoha  Si Kabayan meuncit hayam, tuluy digoreng mani melenghifr seungit, ka ambeEun ku sikabayan. Gawena kalantang kulinting da hayangeun diajakan dahar.Teu lila Mitoha Si Kabayan gegeroan ka Si Kabayan. “Kabayan Hayu urang Nyat-nyat,” Cenah.

Si Kabayan atoheun pisan, gancang mawa piring nyampeurkeun ka dapur.
“Rek Naon mamawa piring, Kabayan” Ceuk Mitohana.
“lain Tadi ngageroan ngajak Nyat-nyat, ari Nyat-nyat teh pan nyatu alias dahar,” Ceuk Si Kabayan .
“Nyat-nyat soteh nyacar, Bapa mah, lain nyatu,” ceuk Mitoha Si kabayan.” Lamun hayang dahar kudu daek gawe. Hayu anggur mah   Bapa bantuan nyacar di pasir.”
“ Embung teuing ,” ceuk Si Kabayan teh. “Ieu nyeri huntu, jeung incok mondok dina punduk.” Cenah bari ngaleos ka Enggon , ngadon morongkol. Tepi ka burit Si kabayan teu dibere ngasaan daging hayam. SI Kabayan kacida ambekeunana.
Sanggeus peuting SI Kabayan bebeja ka pamajikannana.”iteung uing rek maling hayam,” cenah.
“Eum, bet lalawora teuing. Rek maling Hayam saha?” pamajikan Sikabayan Nanya.
“Hayam Bapa maneh,” Ceuk SI Kabayan  teh.
“Ulah, Kabayan, Menta wae Hayang mah,” ceuk pamajikannana.
“Menta ti Mendi, mitoha sakitu koretna. Tadi ge meuncit Hayam, teu mere saciwit-ciwit acan,” ceuk Si Kabayan bari jebi.
Si kabayan nyokot sarung, tuluy di talikeun lebah tarangna. Geus kitu sarungna di balikkeun diturubkeun kana siarahna, nu katembong ngan panonna wungkul.
Kira Wanci sareureuh budak, kencling Si Kabayan indit, muru kandang Mitohana. Lempang depang depong da sieun kanyahoan ku mitohana. Barang tepi  ka Kandang hayam, kandang teh di buka pantona, tuluy nyokot hayam anu panggedena. Hayam danten kakara rek ngendog. Tapi Hayam na kalah ngagarapak. Atuh Mitoha Si Kabayan hudang, tuluy muru kandang, bari ngagorowok. “Bangsat” Cenah.
“Lain,” ceuk SI kabayan teh, “ieu mah Jurig.”

“Aya jurig maling hayam,”Ceuk mitoha Sikabayan teh bari singkil rek Newak Si kabayan nu undur-unduan.
“Hayam mah kabeuki jurig. Getihna di uyup polona diclokclok, taina keur didinya....” ceuk Sikabayan teh.
“Ah, Bangsat mah, bangsat bae.” Ceuk mitoha Si Kabayan bari ngarawel palang panto kandang rek digebugkeun ka Si Kabayan.

“E....tongtlo,..e..tongtlo,” ceuk Si Kabayanbari aclog-aclogan. Geus kitu becir we lumpat notog-notogkeun maneh. Mani blug-blug labuh, da ridu ku arung, tapi lumpatna teu eureun-eureun da sieuneun ka tewak ku mitohana.

Mitohana teu tuluy ngudag, da  kaburu capeuun maklum geus kolot. Tuluy bae balik deui ka imahna. Sanggeus katenjoan mitohana asup ka imah. Tuurna barohak tarangna bancunur tidagor kana tihang kandang.

“Mana oge ulah sok pulang-paling kana banda batur,” ceuk pamajikanana. “Kumaha ari geus kieu?”
“Gandeng,” Ceuk Si kabayan teh.”Da malingna geu teu tulus. Anggur mah kami baluran,”Cenah bari sengar-sengir mencetan tuur. (Di cutat Tina Buku Jurig Kabayan Karya Tini Kartini Penerbit Rahmat Cijulang)


DIGITALISASI DONGENG



Liburan Idul Fitri ini saya pergunakan untuk membereskan buku diperpusatakaan pribadi. Banyak buku, majalah pendidikan yang mengingatkan saya tentang masa kanak-kanak. Dulu  waktu Kecil saya suka banget dengan cerita hal itu memotivasi saya untuk belajar membaca dan menulis. Buku kegemaran saya kumpulan dongeng si Sikabayan karya Tini kartini, Sasakala Kuya jeun Monyet. Tiap bulan saya menunggu majalah suara daerah majalah guru terbitan PGRI Jawa barat saya sangat menyukai rubik Dongeng Dak. Majalah Mangle ,koran Galura, koran Giwangkara biasa juga saya baca.

Saya ingin mendokumentasikan cerita/dongeng dalam bentuk Digital, karena ketika melihat wujud buku berisi cerita sudah sangat mengkwatirkan karena sudah mulai ternakan kutu Buku. Hal itu membuat ide untuk menuliskan kembali  kumpulan cerita/dongeng dalam bahasa sunda. Harapan saya apa yang dokumentasiakan   bermanfaat  bagi banyak orang. Bagi kalangan pelajar dapat meniliti dari segi sastra sunda dan Filosofi kehidupannya. Bagi Orang tua Sebagai pendidikan Budi bekerti/moral yang ditanamkan ke anak ketika menjelang tidur.  
 
Menurut teori gelombang otak bahwa belajar sangat baik ketika masuk gelombang alfa. Itulah sebabbya orang tua Kita dahulu sebelum tidur sering menceritakan kisah yang mengandung pesan moral ketika tidur. Di kitab suci  Alquran banyak cerita tentang nabi dan umat bangsa terdahulu artinya sudah Fitrah manusia suka dengan cerita/dongeng.

Kalau kita membuka tabir  modern dari Film-film Holywood maka kita akan tahu sebenarnya itulah dongeng/cerita yang divisualisasikan kalau dulu kita cerita tradisi lisan (Audio) sekarang cerita ditampilkan dalam Visual (FiIm). Banyak orang yang menyukai Film dan hal ini sekal lagi membuktikan bahwa manusia memang suka cerita.

Dengan ucapan Basmalah saya mulai proyek digitalisasi Dongeng dalam rangka ”ngamumule “ memelihara  Bahasa sunda, Ada ungkapan Bangsa yang besar adalah bangsa yang menghargi Bahasanya. Mudah-mudahan bermanfaat. Amin