Di lembur Si Kabayan,
mun aya menak sok kacida di hormat-hormatna. Si Kabayan Kabitaeun hayang aya anu ngahomat. Tuluy api-api jadi
menak datang ka Mitohana. Bajuna Setelan Bodas di dasi Jeung make kaca mata Hideung.
Kabeh oge meunang nginjeum ti Baturna anu ngumbara di Kota.
Atuh puguh we Mitoha SI Kabayan teh mani dag-dag,deg-deg da
kasumpingan menak.
“Amparkeun samak di tepas. Lauk ala, hayam Peuncit urang
nuangkeun ,”kitu ceuk mitoha Si Kabayan ka Pamajikannana.”
Teu Wudu SiKabayan poe
eta mah kacemekan, dahar jeung pais lauk jeung goreng hayam. Jaba Lalawuh
sejenna: Opak, ranginang jeung tangtang angin.
Ari Lila-lila Kanyahoan ku mitohana teh, yen menak teh
Sikabayan. Teu kira we keheuleunnana.
“Keun Siah, di bales ku Aing.” Kitu Pikir mitohana teh.
Dina hiji poe, Si kabayan oge kasumpingan menak ti Kota. Tapi
SiKabayan apaleun yen eta teh mitohana.
“Iteung, gancang ngampar samak di tepas, ala lauk, peuncit
Hayam,” ceuk Si kabayan Ka pamajikannana.
“Lauk ti mana Horeng,” Tembal pamajikannana. “Hayam teu
bulu-buluna acan.”
“Lain di pipir, aya domba Bapa maneh? Sok bae peuncit. Moal nanaon,
da keur nyuguhan menak ieuh.”
Mitoha Si kabayan kacida reuwasna, gancang ngalaan dasina
bari ngagorowok, “Ulah Kabayan lalawora, eta teh domba adu!”
Sikabayan nyenghel,nyeungseurikeun Mitohana.
(Di cutat tina Buku Jurig Kabayan Karya Tini Kartini Penerbit
Rahmat Cijulang 1988)
0 comments:
Post a Comment